0 Mangsa



BAHEULA mah usum halodo jeung usum ngijih teh angger waktuna. Jadi usum teh beunang diandelkeun, bisa dipake tetengger pikeun tatanen.

Kolot baheula ngabagi usum (musim) dina sataun jadi dua welas mangsa, nyaeta: 

MANGSA KASA: Umurna 41 poe, mimitina tanggal 22/23 Juni. Ciri-cirina: dangdaunan marurag, meujeuhna malawija. Bangsa walang (simeut, jangkrik jst) mimiti ngarendog.

MANGSA KARO: Umurna 23 poe, mimitina tanggal 2/3 Agustus.  Ciri-cirina: jujukutan parerang, tangkal randu mimiti pucukan.

MANGSA KATIGA: Umurna 24 poe, mimitina tanggal 25/26 Agustus. Ciri-cirina: halodo bari anginna tiis. Areuy-areuy mimiti meulit kala lanjaranana. Awi iwungan, beubeutian cenggehan, palawija panen.

MANGSA KAPAT: Umurna 25 poe. Mimiti tanggal 18/19 September. Ciri-cirina: panas moreret, tapi peuting nyecep tiis. Cinyusu rea anu mengpet, sumur rea anu saat.  Biasana sok dipake nyieun atawa ngajeroan sumur. Tangkal randu mimiti pentilan. Manuk manyar nyarieun sayang.

MAGSA KA LIMA: Umurna 27 poe, mimitina ti tgl.13/14 Oktober. Ciri-cirina; rea mendung jeung poe haleungheum. Mimiti hujan turun. Tangkal asem kaluar pucuk. Gadung jeung koneng daunna ngemploh. Oray mimiti laliar. 

MANGSA KANEM: Umurna 43 poe, mimitina tanggal 9/10 Nopember. Ciri-cirina: bubuahan karolot. Usum ngagaru sawah. Sabangsaning bangbung mimiti jangjangan.

MANGSA KAPITU: Umurna 43 poe, mimitina tanggal 22/23 Desember. Ciri-cirina: rea nu katerap panyakit panas jeung nyeri beuteung. Rea walungan banjir jeung hujan angin, Bapa tani mimiti tandur. 

MANGSA KAWOLU: Umurna 27 poe, mimitina tanggal 3/4 Pebruari. Ciri-cirina: Rea ucing kawin. Pare mimiti eusian, rea hileud jeung ulam.

MANGSA KASANGA: Umurna 25 poe, mimitina tanggal 1/2 Maret. Ciri-cirina: Pare beuneur hejo. Tonggeret disada. 

MANGSA KASADASA: Umurna 24 poe,mimitina tanggal 26/27 Maret. Ciri-cirina: pare tungkul atawa koneng tungtung. Manuk nyarieun sayang, ingon-ingon rareuneuh.

MANGSA DASTA: Umurna 24 poe, mimitina tanggal 19/20 April. Ciri-cirina: manuk "makanan" anakna.

MANGSA SADA: Umurna 41 poe, mimitina tanggal 12/13 Mei. Ciri-cirina: carang jalma nu kesangan lantaran tiris. Usum dibuat.

Tina: fp Salaka
[Lajengkeun...]


0 Mahkota Binokasih Sanghyang Paké



Binokasih Sanghyang Paké nya éta mahkota nu asalna ti Karajaan Sunda nu kiwari disimpen di Museum Prabu Geusan Ulun, Sumedang. Replika (tiruan) mahkota ieu aya di Museum Sri Baduga, Bandung.

Nurutkeun sumber tungturunan, mahkota ieu dijieun ku prakarsa Sanghyang Bunisora Suradipati, raja Galuh (1357-1371), jeung dijieun keur kapentingan diistrénanna Prabu Niskala Wastukancana salaku raja Galuh (1371-1475). Mahkota ieu digunakeun ku raja-raja Sunda salajengna dina upacara istrénan raja anyar jeung jadi banda pusaka karajaan nepi ka karajaan Sunda runtag.

Dina mangsa puseur dayeuh karajaan Sunda di Pakuan Pajajaran diserbu jeung direbut ku pasukan Banten (1579), mahkota ieu bisa disalametkeun ku pangageung karajaan Sunda nu lolos, nya éta Sayang Hawu, Terong Péot jeung Kondang Hapa. Mahkota ieu dibawa ka Sumedanglarang jeung dipasrahkeun ka Prabu Geusan Ulun kalawan harepan bisa ngagantikeun jeung neraskeun ayana jeung kadigjayaan karajaan Sunda.

Ti dinya mahkota ieu jadi banda pusaka raja Sumedanglarang jeung salajengna bupati Sumedang. Ti mangsa pamaréntahan Bupati Pangeran Suria Kusuma Adinata (1937-1946) mahkota éta dipaké keur hiasan sirah pangantén kulawarga bupati Sumedang.

Babagéan Mahkota

Mahkota ieu dijieun tina emas nu bagéan jerona dilapis ku kaén buludru. Wangunna nirukeun mahkota (wayang golék) Batara Indra. Bagéan utama mahkota nu disebut “kuluk” bentukna silindrik bagéan éta nutupan mastaka nepi ka tarang. Puncak kuluk dihias ku kuncup kembang taraté. Bagian luhurna dihias ku motif tumpal jeung suluran sarta tumpal daun, sedengkeun bagéan handapna dihias ku motif suluran daun jeung kembang.

Bagéan hareupna nu dingaranan turidha (Jamang Sada Sélér) ngabentuk kelompok kembang jeung dihias ku permata warna héjo. Diluhureun turidha aya dua siki jamang ngabentuk mahkota kembang. Di kénca jeung katuhu kuluk aya ron, mangrupa hiasan tumpal susun tilu. Salasahiji hiasanna ngabentuk lauk jeung tungtung tukangna ngajumbai siki bonténg. Di tukangeun ron aya hiasan ngabentuk saperti jangjang susun tilu anu disebut Sumping Prabu Ngayun. Di bagéan tukang kuluk dihias jungkat penatas, bentukna lambar-lambar daun jeung garuda mungkur.

[Lajengkeun...]


0 KaoSunda: Nya Nyunda, Nya Gaya



Alhamdulillah, opat dinten diloncing, KaoSunda kenging pangbagea anu nyugemakeun. Ayeuna tos langkung ti 600 anu nga-like di fb. Eta nandakeun masih seueur urang Sunda anu masih micinta identitasna. Estu matak reugreug. Da satadina mah asa longkewang. Aya kitu nu bakal landep? Heuheu.. 

KaoSunda teh hiji proyek anu tos lami dicita-citakeun ku simkuring. Wireh sok nalangsa, naha urang Sunda bet jiga nu minder kana kasundaanana? Naha kolot-kolot Sunda tos teu ngajarkeun Sunda jeung kasundaan ka budak-budakna? 

Euh jigana pedah ku cara urang nampilkeun Sunda jeung kasundaan urang nu lepat. Sunda lewih sering diidentikkeun jeung kaayaan bihari, heubeul, baheula, ngolot. Jarang nu nyajikeun Sunda kalayan modern, ngora, progresif. 

Teu salah, ngidentikkeun Sunda sareng Siliwangi, si Kabayan atanapi kujang. Tapi saleresna sanes eta wungkul. Sunda oge tiasa ditampilkeun dina model kakiwarian. Sunda ge bisa ngigelan jaman. 

Tah, KaoSunda teh salah sahiji tarekah simkuring, nampilkeun Sunda dina model kakiwarian tea. Janten, sanes ukur bisnis jeung dagang wungkul. Mottona ge jelas: Nya Nyunda, Nya Gaya. Jadi Sunda teu kedah urang balik deui ka bihari. Tapi tetep bisa mapag mangsa ka hareup. 

Seueur oge anu nga sms/inbok/wa/bbm malah anu nelepun, naroskeun naha KaoSunda ngagaduhan oulet. Balaka we, teu acan. Tapi insyaalloh ka payun bakal diayakeun. Nu mantes, tur di tempat anu representatif. Doakeun we ku sadayana. Cag!

Fanspage KaoSunda
[Lajengkeun...]


0 Naskah Siraman Sunda




Bubuka

Bismillahhirrohmanirrohim, asashaduallaila haillalloh waashaduanamuhamaddarasulullah. Alhamdullillah, wasyukurillah

Langkung ti payun, sim kuring seja manjatkeun puja sinareng puji, ka Gusti nu Maha Suci, Maha Welas Asih, wireh dina danget ieu, Mantena atos maparin kaanugrahan ka urang anu sami-sami hadir di tempat anu mulya ieu mangrupi mangpirang-pirang nikmat anu tampa wangenan. Urang sadayana tiasa riung mungpulung paamprok jonghok, patepang raray, dina suasana silaturahmi tur aya dina kaayaan sehat walafiat. Ibu-ibu bapa-bapa anu dimulyakeun ku Alloh, mangga urang dikawitan ku maos Bismillah...

Narasi

Nun Gusti sembaheun abdi-abdi sadaya. Teu kendat-kendat abdi sadaya nyembahkeun, puji sinareng syukur ka pangeran Gusti Allohurobbulalamin, rehing ginanjar ni'mat nu teu kendat-kendat natrat manjang ti wiwit kun fayakun agung, dumugi ka wangkid ieu, anu sesah ngawincikna kinasihan gusti ka sugrining anu gumelip saeusining jagat lahir kalih jagat batin. Ku jalaran kitu, dinten ieu abdi-abdi sadaya masih tiasa nyakseni kanan kajembaran gusti.  Wireh parantos maparin kasalametan rahmatan ka keluarga besar bapak……………… kalintang bagjana tiasa mapaosan tepung rabi dina sareat kaislaman.  Mangga urang nyakseni kana sungkemna (pihak pameget sareng pihak istri) kanu janten ibu rama.  Mangga upacara sungkem dikawitan.

Rajah

Bismillah seja sumujud ka Indung anu ngakandung. Bismillah seja mumuja ka bapa tangkal darajat.  Wiwitan gumelar lahir rawayan ka pawenangan. Sumeja ngaras sampean. Neda ridoning Pangeran.

Ayun Ambing

Ayun ayun ambing, di ayun-ayun ku samping .………………anu kasep/anu geulis, yap kadieu urang ngariung, dianti ti tadi, dianti-anti ti tadi.  Teu karasa hidep teh nincak sawawa.  Basa …………… ditimang jeung dihuapan.  Diibakan ku mamah teterejelan.  Mamah rek ngibakan nu pamungkas.

Narasi Panganten (Ka Ibu Rama)

Duh…Ibu anu ku abdi dipunjung satutup umur.  Kanggo abdi suda pibasaeun anu payus dipiunjuk ka Ibu. Ti kawit abdi di alam rahim dugi ka luminjing di alam lahir.  Abdi anu saestu mung bobot anu ngabotkeun ka kersa ibu. Siang wengi abdi dijaga, wengi abdi diaping didama-dama ku du’a.  Dinten ieu abdi kasaksen ku sadaya anu nyakseni. Abdi kenging anugrah illahi robbianugrah jodo pidu’a Ibu. Ibu cipanon abdi cipanon ku karumaosan cipanon karisi ati hate geusan ngedalkeun rasa syukur ka hadirat illahi robbi anu maparin jodo ka mustikaning ati. 

Bral anaking miang laki rabi jajap ku du’a.  Sing waluya awet jodo, sing sugih kuasih illahi robbi.  Singbeunghar kuharta, sing jegud ku elmu, sing alus mulus turunan, singsabilulungan jeung dulur, sing hade ka caroge, sing heman kabaraya,sing galimet jeung kuring leutik, sing hormat ka purwa kalih pamedaling diri, sing gumati kapapagon Illahi, ulah tinggaleun ibadah……Bral………anaking miang laki rabi tur janik dunya aherat.


Jemplang Titi

Duh mamah pujaan kalbu.  Sembaheun………saestu.  Rumaos……… rumaos.  Kurang tata seueur dosa. Kasalira dampal mamah 2x Salawasna ngadoreksakeun ka salira dampal mamah.

Tina ati sanubari, jisim abdi neda ampun.  Ti lahir dugi kabatin. Neda jembar pangapunten. Neda widi jatuk rami. Pidu’a anu kasuhun.

Pupunden Ati (ngumbah sampean Ibu)

Duh anak Ibu.  Nu geulis pupunden ati.  Bade rendengan.  Jatuk rami pangantenan.  Muga rahayu mulus bangles.  Salawasna jembar panalar.  Singsalamet lahir batin.


Bral geura jengkar. Mapay tapak lelembutan.  Deuk sauyunan.  Jeung ……… panutan …… Silih eledan.  Silih simbeuh ku kaasih. Sakulawargi ngadu’akeun.  Beurang peuting.

Jemplang Titi (Sungkem ka Rama)
Duh Bapa sembaheun abdi. Cukang lantaran gumelar. Nampi nuhun laksa katon. Katresna neda widina. Sumeja sungkem sumujud.

Nimang

Puji syukur ka hyang agung.  Ka Illahi maha suci. Mugi Gusti nangtayungan. Ka sugri anu kumelip.  Mugi Gusti ngahapunten.  Ka dosa-dosa sim abdi.  Mugi Gusti welas asih. Ka pun Biang sareng pun Bapa.

Tina Kalangsunda.net
[Lajengkeun...]


0 Carpon - Bisul Na Bujur



Ku Usep Romli

Beuki nanjung baẻ tah, tagoni “Asshoutu Dzahab” (Sora Emas) ti pasantrén Hubbul Waton, Legok Kiara. Bulan Muharam kamari, nyangking juara umum dina pasanggiri tagoni sakabupatẻn. Meunang tropi badag ti bupati, jeung duit pembinaan Rp 5 juta. Sanggeus babagi honor keur pamen jeung opisel, aya kẻnẻh sẻsa dua juta deui. Mahi keur meuli parabot tagoni anyar. Ngalengkepan nu can aya jeung ngomẻan nu geus raruksak. Atuh make aya leuwihna keur sodaqoh ka santri-santri nu geus bẻakeun bekel.

Lain sakali ẻta wae,grup tagoni “Asshoutu Dzahab”, pinujul dina pasanggiri. Aya kana genep tujuh kalina . Malah bisa disebutkeun geus jadi tradisi ti bẻh ditu mula. Sabab ti barang pasantrẻn ngadeg lima puluh taun ka tukang, kasenian tagoni katut kasenian-kasenian lianna, kaasup penca silat jeung kendang penca, dipiara. Dihirupkeun. Dijieun ciri pasantrẻn nu “Nyunda” jeung ngahargaan kana seni-budaya asli, lokal. Sakumaha kasauran Pangersa Ajengan Sepuh almarhum nu naratas ẻta pasantrẻn “Innaloha jamilun, yuhibbul jamal”. Saẻstuna Alloh tẻh endah, mikacinta kana kaẻndahan. Ari kaẻndahan, lahirna tina seni budaya.

Nu matak grup tagoni “Asshoutu Dzahab” terus hirup. Mekar ti generasi ka generasi santri. Rẻa santri nu barẻto milu maẻn tagoni di dinya, ayeuna geus jaradi ajengan jumhur. Ngadegkeun pasantrẻn di mana-mana jeung ngahirupkeun seni tagoni katut seni-seni lianna. Seni penca silat gẻ terus mekar. Ngan nu diutamakeun “silat eusi”. Ngawasa jurus-jurus pikeun bẻla diri dina kaayaan kadesek. Ari “silat kembang” mah, teu pati digegedẻkeun. Tamba euweuhwẻ. Sakalieun ulah kawiwirangan teuing lamun santri diogan naẻk kana panggung. Kud kaul dina acara hahajatan. Ngigelan tepak dua atawa tepak tilu, saengklak baẻ mah. Tanda hormat ka nu boga hajat.

Pangersa Ajengan Anom nu mingpin pasantrẻn “Hubbul Wathon” ayeunaogẻ, salah saurang pamaẻntagoni andelan. Biduanana malah. Bubuhan alus sora. Jago quro. Maca ayat-ayat Quran dina “Qiro’atus Sab’ah”. Nyaeta lagam maca dina tujuh rupa gaya. Pangpangna mazhab Qumbul jeung Hafs. Mun geus quro dina gaya ẻta, nu ngadarẻngẻkeun jempling taya nu nyora. Nu matak pantes lamun Ajengan Anom kungsi sababaraha kali jadi juara nasional Musabaqoh Tilawatil Qur’an (MTQ).

Eureun sotẻh kana lalaguan, saprak kaamanatan nyangking kalungguhan sesepuh pasantren. Ngaganti ramana. Tapi ari ngarojong barudak santri kana maẻn tagoni mah, teu pegat. Malah ngahaja sok pesen kasẻt atawa CD lalaguan Arab panganyarna ka salah saurang santri “Hubbul Wathon” nu kuliah di Kairo. Atuh lumayan pisan, kolẻksi lalaguan tagoni”Asshoutu Dzahab” kawilang rẻa. Teu ẻta deui ẻta deui.

“Peupeuriheun jaman ana, lagu tagoni tẻh ukur genep atawa tujuh. Kitu gẻ nurutan lalaguan nu geus aya di urang. Saperti “Hamawi ya Mismis” jeung “Ana bahwaq Latin Sani” nu dihaleuangeun ku Rofiqoh Darto Wahab. Nu ti Arabna asli, lagu-lagu Ummi Kulsum. Sakikituna. Tapi teu burung pada mikaresep,”saur Pangersa Ajengan Anom nu biasa ngabasakeun “ana” ka barudak santri. Kituna tẻh bari rada ngagelenyu. Ras ka mangsa keur ngora. Maẻn tagoni, ngahaleuangkeun lagu-lagu “Undzur ila Badris Sama” (Teuteup Bulan di Langit), jeung “Hayati Ganat Suwayya” (Hirup Kuring Sakedapan), bet aya mojang kagẻgẻloan. Nepi ka nutur-nutur ka pasantrẻn. Untung aya Kang Hudan, santri kolot, daẻkeun sina nyanghareupan. Tur diparengkeun ngajodo. Awet nepi ka ayeuna. Pangersa Ajengan Anom harita geus dipapacangankeun ka Nẻng Imas Marfu’ah, putra bungsu Ajengan Cikonẻng. Geus teu kaci boga kabogoh deui.

Lantaran sok dikiriman kasẻt jeung CD lagu-lagu anyar, atuh grup tagoni “Asshoutu Dzahab” mah pada mikaresep. Lantaran “aktual” jeung “ngepop”. Bẻda jeung grup tagoni sejen nu angger wẻ ngahaleuangkeun “Idamar Ulaya” atawa “Magadir”. Ẻta deui-eta deui. Grup tagoni “Asshoutu Dzahab” mah, ari manggung di hiji tempat,tara malikan lagu-lagu nu geus dihaleuangkeun di dinya, upama manggung di tempat sẻjẻnna. Komo lamun padeukeut mah. Kajaba lamun aya nu mẻnta. Kawas kana lagu “Inta Seih” Haifa Wahbi, biduan Libanon, atawa “Layali” Maryamah Musa, biduan Suriah.

Pamaẻn andelan tagoni “Asshoutu Dzahab” nyaẻta biduan Cẻng Agus jeug Mas Ifah. Kudu wẻ nu dua ẻta mah tampil unggal manggung. Sabab jadi jaminan narik perhatian nu lalajo. Sajaba ti soranagahar halimpu, Cẻng Agus tapis “jaffin”. Jogẻd Arab marengan lagu nu dihaleuangkeun. Mas Ifah gẻ halimpu deuih. Komo dina ngunikeun “iftitah” (bubuka) lagu, nu teu dipirig tatabeuhan, sakumaha kabiasaan kasidah Arab tradisional.Unggal lebah “ya lail” atawa “ya habibi” teu welẻh dipapag ku suit jeung keprok nu lalajo. Sanajan tara jaffin kawas Cẻng Agus, gerak awak Mas Ifah matak deungdeuleueun barudak ngora. Bubuhan jangkung lampanyat, panon ceuyeut, huntu beres. “Sensual”, nginjeum istilah Oim Gorim, wartawan lokal nu leuwih rẻa kartu persna ti batan tulisanana. Kartu wartawananana ogẻ ngajeblag sagedẻ hihid ngongkoyang nutupan dada.

Hiji waktu, grup tagoni “Asshoutu Dzahab” diondang ngareuah-reuah hajat kawinan kulawarga Haji Basar. Dua biduan andelan, Céng Agus jeung Nẻng Ifah, piligenti nyanyi. Teu weléh pada ngeprokan.

Komo basa Céng Agus make gaya“jaffin”, nurutan Jamil Farouk, biduan Mesir kamashur, nembangkeun lagu “Bulbul, yang Bulbul” nu kungsi disohorkeun ku Nancy Azram, biduan Libanon, taun 2000-an.

“Ta’liman bil minal yang bulbul, ta’liman bil minal ya bulbul…“Usuruni, usuruni hasabana….”

Lebah dinya, ujug-ujug lat baé Céng Agus poho kana bait satuluyna. Tatabeuhan terus muni. Sora markis geus kekecrẻk panjang.Ngaisarahan sangkan lagu ngamimitian deui.

Tinimbang kawiwirangan,ngabigeu teu nyora, bari “jaffin”, Céng Agus gancang improvisasi. Ngahaleuangkeun bait dadakan :

“Aduh ieung, bisul na bujur, aduh ieung bisul na bujur….“Disuat mah disuat beunang matana….”

Ger nu lalajo keprok. Tingsaruit. Sawarẻh tinggorowok “thoyyib, thoyyib” (alus, alus). Teuing kataji ku gaya jaffin, teuing ku “bisul ‘na bujur”
[Lajengkeun...]


0 Palakiah Naek Angkot



  1. Pas naek angkot heulakeun suku, ulah sirah, kecuali mun tidagor.
  2. Mun supirna nanya "rek kamana?" kade ulah dijawab "Ke hatimu”…, bisi teu konsen nyetirna, ke mobilna "ngeeeng....Jegerrrrr!!
  3. Sanajan si supir boga loba duit sarebuan, ulah sakali kali nyium leungeun tuluy ngomong menta jajan, sabab eta mah lain bapa maneh koplok...!!
  4. Sanajan maneh narsis..omat ulah ngajak supirna foto bareng...,
  5. Ulah dandan sagala soalna ngan dina FTV wungkul aya supir angkot ganteng.
  6. Ulah nanyakeun panto daruratna dimana. Please deh Ulah pisan!! soalna lain pesawat terbang.
  7. Mun supir rek mindahkeun gigi, ulah sok roromantisan sagala, komo bari nyekel leungeun bari melong panonna mah, kecuali mun angkotna hayang nyuksruk kanu sawah!!
  8. Mun aya nu malak dijero angkot, api-api sare we, paling ge diliwatan mun teu kitu nya wayahna we ari aya nu nyabok pipi nitah hudang mah.
  9. Mun diuk ditukangeun supir ulah ngareureuwas supir, komo dipeungpeunan panonna bari dirangkul, bari ngomong "cik tebak ieu saha?" mah,
  10. Ulah daek mun naek angkot nu make bensin campur. komo bensin campur dorong mah. Cape ngadorong euy..!!
  11. Mun rumasa cadel, ngomongnya "Setop" we, ulah "Kiri".. bisi diseungseurikeun ku supir angkotna.
  12. Omat dibayarna make duit, ulah dibayar ku saparangkat alat solat. da lain keur ijab kabul.
  13. Nu terakhir jeung nu paling penting mah, rek sakumaha pinuhna ge omat ulah diuk dina lahunan supir.
[Lajengkeun...]


 
Kaluhur Copyright © 2010 | caritasunda